Bismillahirrohmanirrohim,
Assalamu’alaikm warohmatullohi wabarokatuh,
Alhamdulilahil-ladkzhi kholakol insan, nasta’inuhu wanastaghfiruh. Asyhadu ala ilaha illalloh wahdahu lasyarikalah, Waasyhadu anna muhammadan abduhu warosuluh Allohuma solli ‘ala muhammad, wa’ala ‘ali muhammad. Fainnalloha ahallan nikaha wanabada ilaihi, waharromas sipaha wa au’ada ‘alaihi. Qola ta’ala: wala taqrobuz zina innahu kana fahisyatan Wasa sabila. Waqolat a’ala: ya ayyuhalla dzina amanut taqulloha haqqotuqotih wala tamutunna illa waantum muslimun.
Hadirin hormateun sim kuring,
Alhamdulillah kalayan widi Alloh SWT, dina ieu waktos urang sadaya baris tiasa nyaksian lumangsungna akad tikah Wawang Fatimah binti Ahmad Tosin ka lr. Agus Permadi bin Kusnadi Harjapamekas. Ari pertikahan téh kalebet kana ibadah anu prak-prakanana parantos matok sakumaha anu dipidamel ku Rosululloh SAW. Salasawios hal anu kedah aya dina upacara pertikahan nyaéta hutbah. Tangtos sadayana ogé tos pada uninga hutbah nikah téh hususna ditujukeun ku calon pangantén cindekna ka Wawang jeung ka Agus, tapi deuih ari dina umumna mah ditujukeun ka sadayana; sanés waé ka pangantén baru, margi pangantén baru ogé kalebet sim kuring anu ayeuna sasanggem- masih kénéh peryogi ku naséhat. Da kitu geuning ari urusan rumah tangga mah, kolot ku kolotna, angger waé masih kénéh aya kakirang, tara mulus sareng bérés roes salalamina. Atuh komo deui anu nembé bade ngambah sagara rumah tangga, kawas Wawang jeung Agus ayeuna, peryogi pisan ku rupi-rupni naséhat kautamian.
Tah ku sabab éta pisan, Wawang, Agus, ayeuna Uwa rék namplokkeun kanyaah pikeun hidep duaan. Lain kanyaah anu mangrupa dunya brana, tapi kanyaah dina wujud naséhat anu sumberna tina saréat agama urang. Muga-muga waé ieu naséhat téh sing terus nyerep kana batin hidep duaan, sarta salilana jadi cecekelan enggoning hidep nyorang sagara rumah tangga, anu sakapeung ombakna rintih matak tingtrim, tapi deuih sakapeung sok ngagalura umpal-umpalan nepi ka lamun urang kurang tapis ngamudikeun reujeung ngawelahna mah éta parahu anu ditumpakan ku urang téh mungkin neumbag karang, atawa kerem ka dasar sagara.
Wawang Agus,
Ti mimiti poé ieu, lambaran hirup hidep téh bakal béda jeung mangsa ka tukang-tukang jaman masih kénéh lalagasan. Ti mimiti poé ieu, hidep geus kabeungkeut ku hiji aturana nu di jerona aya rupa-rupa kawajiban jeung hak. Ngahaja anu ditandeskeun ku Uwa téh kawajibanana, lain hakna. Ari sababna, nya kawajiban pisan anu pangheulana kudu disanghareupan téh, geus kitu kakara, hak nuturkeun. Lamun hak diheulakeun ari kawajiban dipandeurikeun engkéna sok timbul sikep aing-aingan jeung sili teumbleuhkeun antuk na rumah tangga moal bérés roés, lantaran bakal leubeut ku pacogrégan.
Sakeudeung deui, insya Alloh, hidep duaan bakal ikrar; saréatna ikrar di payuneun anu ayeuna haladir nyaraksian, hakékatna ikrar di payuneun Gusti Robbul izzati anu tara sulaya kanaj angji. Engké saba’dana akad tikah, Agus bakal meunang sesebutan salaki, ari Wawang bakal jadi pamajikan. Éta salaki jeung pamajikan téh bakal jadi “dwi-tunggal”. Mémang enya ari raga badagna mah dua, tapi éta anu dua téh dina ngawelahna parahu rumah tangga kudu ngahiji, teu meunang pakia-kia, nu hiji ngétan nu hiji ngulon. Naha kudu ka mana éta parahu téh dikamudikeunana? Taya liana, nu kudu jadi pangjugjugan hidep duaan téh mardotillah karidoan Alloh.
Ari salaki, Agus, sesebutanana téh kapala rumah tangga. Cindekna, hidep téh bakal jadi pamingpin. Ari anu kasebut pamingpin Rasululloh SAW parantos midawuh “Jaga di yaumil ahir, pamingpin téh bakal ditanya ngeunaana nu dipingpinna.” Ana kitu, mémang beurat jadi pamingpin téh, sabab kudu tanggung jawab kana sakur ucap, ketak, jeung laku lampah dina ngalaksanakeun kapamingpinannana, naha luyu jeung tetekon ti Alloh atawa henteu.
Tah, tina kalungguhan kapala rumah tangga pisan kawajiban Agus diwincikna téh. Kawajiban nu kahijin yaéta mingpin; anu paling deukeut nya mingpin pamajikan jeung mingpin anak lamun geus diparengkeun boga turunan. Anu kasebutna pamingpin rumah tangga, tangtu waé kudu bisa nyiptakeun katengtreman di jero rumah tanggana ieu katengtreman téh bakal ngawujud lamun si pamingpin di antarana mampuh nyumponan pangabutuh boh pangabutuh lahiriah boh pangabutuh batiniah. Pangabutuh lahiriah téh réa pisan rupana; malah geuning dina jaman ayeuna mah dibagi-bagi deui jadi pangabutuh primér, sekundér jeung saterusna. leu pangabutuh téh daék teu daék ku Agus kudu dicumponan ku jalan ngayakeun rupa-rupa tarékah anu teu méngpar tina hukum agama jeung hukum darigama. Naha ieu pangabutuh téh ukuranana tepi ka mana: hal éta mah rélatif, sabab mungguhing ari anu disebut cukup, saban jalma tangtu moal sarua watesna. Ngan tangtu waé lantaran urang mah panganut agama lslam, ukuran hirup the teu meunang kaleuleuwihi, sabab ari jalma kaleuleuwihi téh bakal aya dina bebendon Alloh SWT. Ari anu disebut pangabutuh batiniah, éta téh teu éléh penting batan pangabutuh lahiriah. Pangabutuh batiniah téh taya lian anu ngawengku aspék kajiwaan.L amun pangabutuh lahiriah dicumponanana ku hal-hal nu sipatna matéri, ari pangabutuh batiniah mah kudu dicumponan ku ajén-inajén bebeneran kaluhungan kaéndahan sumanget jeung motivasi gawé. Pikeun nyumponané ta pangabutuha, nu paling utama hidep kudu nyindekel kana tungtunan ajaran agama. Insya Alloh, rumah tangga hidep bakal bagja jeung salamet, boh dunya boh ahérat. Kapan pidawuh Robbul Alamin 0gé “Dhuribat ‘alaihimudz dzillatu aenama tsuqifu illa bihabli minallohi wahabli minannas.” Kahirupan maranéhna bakal dilimpudan ku kahina dimana waé ayana, kajaba lamun maranéhanana nyekel kana tali Alloh jeung tali hubungan papada manusa. Ari anu dimaksud ‘tali Alloh téh taya lian ajaran agama.
Kitu deui Wawang anu bakal jadi pamajikan, sarua pada-pada boga kawajiban.
Ari kawajibana nu paling deukeut dina kahirupan rumah tangga nyaéta kumawula ka salaki. Kadé, Wawang, ari kumawula ka salaki téh ulah dihartikeun ngalalaip atawa ngahinakeun diri. Lain kitu, kadé mungguh dina saréat lslam, kumawula ka salaki téh jadi bagian tina ibadah, hartina kaasup kana pagawéan nu bakal diganjar ku Alloh SWT. Dina kumawula téh di antarana aya unsur rasa hormat jeung ngajénan, satia ngabeberah dina ninggang keur meunang kasusah ngasongkeun pandangan jeung tinimbangan ngeunaan hiji pasualan anu keur disanghareupan jeung ngajaga kasaimbangan sangkan tetep aya dina suasana harmonis. Anu bieu ditatan ku Uwa téh kaasup kana kumawula dina urusan batiniah. Ari kumawula dina urusan lahiriah di antarana nyenangkeun salaki ku hal-hal atawa rupa-rupa pagawéan lahir; cindekna mah ti mimiti urusan dapur tepi ka urusan kasur.
Wawang jeung Agus,
Lamun hidep geus ngalaksanakeun kawajiab bieu, tangtu hak hidep bakal nuturkeun. Lamun Agus geus ngalaksanakeun kawajiban, hartina hak Wawang bakal kacumponan. Kitu deui lamun Wawang geus ngalaksanakeun kawajiban, tinangtu hak Agus bakal kacumponan.Hartina hak téh teu kudu dipénta, asal masing-masing hak geus nyaho jeung geus ngalaksanakeun kawajibanana.
Tadi ogé ku Uwa geus disabit-sabit yén lajuna rumah tangga téh teu salawasna lancar, sabab sok aya waé gangguanana. Mun rumah tangga hidep ngarandapan hal-hal anu matak teu genah, anggap waé éta téh hiji cocoba. Tah, dina nyanghareupan éta cocoba, hidep kudu sabar. Pirang-pirang ayat Alloha nu nétélakeun yén urang kudu sabar, sangkan meunang kabagjaan. Kapan kasauran Anjeunna ogé, “lnnallohamaashshobirin.” Saéstuna Gusti Alloh téh sasarengan jeung anu salabar.
Minangka pamungkas ieu hutbah nikah, Uwa rék nepikeun hiji pidawuh Rosululloh SAW anu mudah-mudahan waé bakal jadi hiji kareugreug pikeun hidep duaan enggoning nyorang rumah tangga. ‘Arba’un min saadatiml mar’i: antakuna zaujatuhu sholihatan, waauladuhu abroron wakhulathouhu sholihina wayakuna rizquhu fi baladihi.
Tina éta pidawuh Rosul, urang bakal terang yén opat hal anu bakal jadi koncina kabagjaan, nyaéta pamajikan anu soléh, barudak anu soléh, babaturana nu soléh, jeung sumber rejeki anu aya di nagri sorangan. Tina éta anu opat hal, tilu di antarana raket patalina jeung papada manusa, nyaéta pamajikan, anak, j eung babaturan. Ari anu hiji deui patali jeung sumber kahirupan. Jadi anu kudu soléh téh lain anak jeung pamajikan wungkul, tapi deuih babaturan. Dina hal ieu ngandung harti yén dina néangan babaturan téh urang kudu pipilih heula: téangan jelema anu soléh. Ari sumber rejeki, ceuk dina hadis anu bieu, kacida hadéna lamun aya di nagri sorangan. Kecap “nagri sorangan” di dieu bisa dihartikeun daérah atawa w ewengkon. Mémang pikahartieun lamun sumber rejeki urang ayana di daérah sorangan, lain di tempat anu jauh, tangtu bakal leuwih énténg. Da geus bisa kasawang atuh, lamun urang boga pagawéan di tempat anu jauh, geus tangtu bakal mindeng ninggalkeun rumah tangga. Lamun kurang-kurang na bisa mah, hal éta téh bisa jadi mamala, sabab urang jauh ti kulawarga. Tah kabeneran, Agus mah pan boga sumber kahirupan téh ayana di tempat sorangan. Jadi teu kudu jauh-jauh lumampah ninggalkeun imah.
Wawang, Agus,
Urang cukupkeun sakieu waé hutbah nikah ti Uwa, da ari anu penting mah lain lebah panjang atawa pondokna, tapi nyerepna kana ati sanubari hidep, terus dipolahkeun dina kahirupan sapopoé. Ngahaja ieu hutbah ku Uwa ditepikeunana maké basa anu basajan, ngarah babari kahartina. Uwa mah itung-itung mekelan hidep duaan anu rék nyorang lambaran hirup anyar. Tangtunaogé ari luang jeung pangalamana nu leuwih lega mah engké deui ogé ku hidep duaan bakal karandapan.
Minangka pamungkas hutbah, Uwa rék munajat ka Alloh SWT, muga-muga rumah tangga hidep téh sing bérés roés, sakumaha bérés roésna rumah tangga Kangjeng Nabi Muhammad SAW sareng Siti Hodijah, muga-muga hidep duaan dipaparin barudak anu soléh, rejeki anu barokah enggoning ngahontal mardotillah. Amin.
Wassalamu’alaikum warohmatullohi Wabarokatuh,
(Dicutat tina buku Biantara Basa Sunda, Drs. Tatang Sumarsono, Geger Sunten:Bandung, 2000, kaca 115 – 121)
Belum Ada Tanggapan
Belum ada komentar.
Komentar RSS Lacak Balik URI Pengenal
Tinggalkan sebuah tanggapan
