KUMPULAN TATARUCINGAN
- Oray naon anu teu bisauen ngaleor ? oray nu ngalegleg linggis
- Naon sababna laum tumpak mobil urang sok nundutan ? Sabab banna buleud
- Makê baju bodas lain dokter, make hêlem lain tentara ? Togê
- Di luar konêng, di jero bodas,nu apaleun monyêt ? Cau, nu neguh monyêt
- Tangkalna di gunung, daunna di cai
- Hayam naon anu sukuna sarêbu
- Tukang naon lamun digeroan dititah dahar sok naêk ka luhur ?Tukang ngagali sumur
- Hayam naon anu sukuna hiji
- Gajah tumpak bêca, gedê naonna ? Bohongna
- Dipencêt beuteungna, kaluar tina sirahna
- Awakna digantung, beuteungna ditakolan? Kohkol
- Naon anu dicabak aya tapi ari dilieuk teu aya ? Ceuli
- Dibawa nangtung sarê, dibawa sarê nangtung ? Talapak suku
- Dicukur buluan teu dicukur dugul ? Buah kadongdong
- Sato naon anu awakna dina sirah sukuna dina sirah ? Kutu
- Tukang dagang naon anu nyumput ? Tukang bilik
- Kapas 2 kg, batu 1 kg, lamun ditinggangkeun kana suku nyeri mana ? Nyeri suku
- Ku naon tukang baso nakolan mangkok ? Ku sendok
- Soêh teu bias dikaput, kotor teu bias diseuseuh ? Kertas
- Budak dugul asup kana leutak ? Cilok
- Petina hiji mayitna loba ? Korêk api
- Naon sababna karêta api leumpangna ngarayap ? Mun nangtung nabrak pesawat
- Bisa turun tapi teu bias naêk ? Hujan
- Supirna opatan ari panumpangna saurang ? Pasaran anu dipakê ngagotong mayit
- Buah naon anu tara diala ? Buah murag
- Gajah keur ulang taun. Sakumna sasatoan geus daratang, iwal ti tititnggi kunaon pangna can datang? Make sapatuna lila
- Unggal diasupkeun ka luar deui ? Kancing
- Jalma naon anu sukuna tilu, panonna opat ? Aki-aki make iteuk jeung kaca mata
- Panjangna sajeungkal, heuras, aya buluan, nu teu make moal bisa seuri ?
- Indungna nyeuseuh,bapana ngudud, anakna ceurik ? Karêta
- Nu hiji diasupkeun, nu opat jararogêd ? Ramo nu dipakê ngorong
- Sumur gantung di awing-awang ? Kalapa
- Manuk naon anu sirahna dina suku, jangjangna dina suku ? Manuk katincak
- Ditingal ti hareup tungkul, ditingal ti tukang bongkok, ditingal ti gigir sukuna wungkul ? Tukang bilik
- Ari diudag lumpat, tapi ari didagoan cicing ? Kalangkang
- Gunung bitu, bandêra kekelebetan ? Bau hitut
- Indungna diusapan, anakna ditincakan ? Tarajê
- Akarna di luhur, pucukna di handap ? Janggot
- Ari nangkub eusi, ari nangkarak kosong ? Kopêah
- Manêhna di handap abdi diluhur, manêhna gugurubugan abdi igel-igelan, jalma nu keur naon? Nu keur nguseup
- Aya balon sapuluh, bitu hiji, kempês tilu, kari sabaraha deui? Kari salapan deui
- Pribumi di luar, ari sêmah di jero ? Tukang bêca
- Panonna tilu sukuna genep ? Nu pêcak nungtun domba
- Hayam naon anu isuk-isuk tara kongkorongok ? Hayam paêh
- Tipeuting asak, tibeurang atah ? Lampu listrik
- Maju êlêh mundur meunang ? Kalangkang
- Panjang hêjo di tengah-tengahna ngebul ? Nu manggul awi bari ngudud
- Dipeuncit hirup, mun teu dipeuncit paêh ?
- Piring naon anu bisa dipakê nempo bulan ?
- Sato naon anu teu bisaeun mundur ?
- Batu naon anu teu aya di cai ?
- Nu digandong maju, nu ngagandong cicing ?
- Oray hêjo panonna loba ? Peuteuy
- Bangku naon anu bias didahar ? Bangkuang
- Ditakol nyendol, teu ditakol nyendol ? Goong
- Budak botak loba kutuan ? Ondê-ondê
- Titinggi sukuna sarêbu, nincak tai munding, tinggal sabaraha deui sukuna ?
- Diubek ditêangan, sanggeus kapanggih dipiceun ? Korong
- Baso dibalikkeun jadi naon? Bahê
- Disebut sakali jauh, disebut dua kali deukeut ?
- Sato naon anu awakna leutik pisan, sirahna gedê pisan ?
- Ti luhur lam ti handap lam, di tengah-tengah kap ? Bantal, kasur
- Anu unggal dipeuncit nyambung deui ? Cai
- Kaca naon anu pangbeurat-beuratna ? Kacalikan gajah
- Kaca naon anu bau? kacapirit
- Aya manuk10 ditembak hiji, tinggal sabaraha ? Teu ayahiji-hiji acan
- Naon sababna lambang apotêk gelas dibeulit ku oray ? Lamun dibeulit ku gajah bakal peupeus
- Sato naon anu pengleutik-leutikna saalam dunya ? Incuna kuman nu teu barangdahar 7 poê
- Hideung, leutik, bahaya ? Sireum ngarayap dina bom
- Kumaha carana ngabêdakeun sirah cacing jeung buntut cacing ? Lêkêtêk wê, nu seuri êta sirahna
- Ari prêsidên nurutna ka saha ? Tukang cukur
- Naon bêdana professor jeung monyêt ? Professor botak sirahna monyêt bujurna
- Rancung lain landak, hêjo lain tentara ? Kaktus
- Make baju lain manusa, make dudukuy lain tentara ? Bebegig sawah
- Buah naon anu sok diwedak ? Kesemek
- Ngahiung lain kapal, tulalêan lain gajah ? Suling
- Dicekel gual-gêol, diteunggeul amburadul ? Ager
- Bumi muter, sato disiksa, manusa jadi raja ? reungit
- Naon sababna lamun urang turun tina angkot sok suku heula ? Lamun sirah heula bakal tikusruk
- Bujurna ditiupan, awakna dicabakan ? Dêlman
- Luarna naraka jerona surga ? Durên
- 1000 lemesna naon ? Kulembu
- Dicabak biê ditakol ngelentrung ? Tai kotok dina tihang listrik
- Turun laun nanjak gancang ? Lêho
- Diantep aya dibetot leungit ? Lêho
- Candi naon anu gondrong ? Can dicukur
- Naon bahasa Arabna masjid di tengah-tengah laut ? Mustahil
- Naon bêdana onta jeung daun sampeu ? Onta di Arab saun sampeu diurab
- Bahasa Cina na tukang nyolong ? Siang-siang maling sêng
- Budak dugul kekecepekan ? Gayung
- Mun tas nakol bedug sok naon ? Sok panakol
- Sirah naon nu bisa leumpang ? Sirahmat
- Sop naon nu bisa nembang teu bisa didahar ? Sopiah
Tinggalkan sebuah Komentar
Belum ada komentar.
Komentar RSS Lacak Balik URI Pengenal
